Senin, 07 Juni 2010

rarangken

Rarangken hareup

Dina wacana di luhur aya kecap nu ditulis kandel, nyaeta:

Pada wacana di atas ada kata yang dicetak tebal, yaitu:

ngadadak asal kecap tina dadak + N- (nasal nga-)

ngayakeun asal kecap tina aya + N- (nasal nga-) + -keun

meuli asal kecapna tina beuli + N- (nasal m-)

nyampak asal kecapna tina sampak + N (nasal ny-)

Geura ilikan conto rarangken hareup N- (nasal) sejenna ieu di handap!

Coba perhatikan contoh awalan N- (nasal) lainnya di bawah ini!

n- + takol jadi nakol (memukul)

nga- + adat jadi ngadat (kumat)

nge- + cor jadi ngecor (mengecor)

ny- + cebor jadi nyebor (menyiram)

ng- + kumbah jadi ngumbah (mencuci)

n- + tulis jadi nulis (menulis)

m- + baca jadi maca (membaca)

n- + tempo jadi nempo (melihat)

m- + pulung jadi mulung (memungut)


Rarangkén Tengah –um-

Rarangkén tengah –um- mibanda alomorf –um, upama wangun dasarna dimimitian ku vokal (aksara hirup).

Contona:
amis + -um- = umamis
aing + -um- = umaing

Guna jeung hartina, di antarana:
1. ”Saméméh lumampah téh kudu dirarancang heula.”
Rarangkén –um-, dinu kecap lumampah gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’ngalakukeun...’.
Conto séjéna: lumaku, sumujud

2. ”Ayeuna kuring téh keur kumawula ka Haji Rendi.”
Rarangkén –um-, dinu kecap kumawula gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’ngalakukeun pagawéan salaku...’.

3. ”Urang téh teu hadé gumantung waé ka kolot.”
Rarangkén –um-, dinu kecap gumantung gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’dina kaayaan...’.
Conto séjéna: gumulung, tumamprak, sumerah

4. ”Manéhna datang ka dieu bari lumengis.”
Rarangkén –um-, dinu kecap lumengis gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’ngalakukeun tuluy-tumuluy/remen...’.
Conto séjéna: rumahuh, jumerit, sumegruk

5. ”Gedang téh geuning geus gumading.”
Rarangkén –um-, dinu kecap gumading gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga sipat/saperti...’.
Conto séjéna: humaseum, lumého, kumincir, umamis

6. ”Kuring mah teu resep ka awéwé nu gumeulis téh.”
Rarangkén –um-, dinu kecap gumeulis gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga rasa/kalakuan saperti nu...’.
Conto séjéna: umaing, gumede, gumasep

7. ”Kuring mah teu rumasa salah.”
Rarangkén –um-, dinu kecap rumasa gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga...’.

Rarangkén Tukang -eun

Guna jeung harti rarangkén tukang –eun di antarana:
1. ”Di imah Mang Hamid mah loba dahareun.”
Rarangkén –eun dina kecap dahareun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu rék/anu bisa di...’
Conto séjéna: beulieun, bawaeun, alaeun, jeung jualeun

2. ”Kuring dititah meuli sambeleun ku ema.”
Rarangkén –eun dina kecap sambeleun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’bahan/anu bisa dijieun...’
Conto séjéna: rujakeun, sayureun, jeung seupaheun

3. ”Menéna diuk gigireun kuring.”
Rarangkén –eun dina kecap gigireun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’tempat/arah di...’
Conto séjéna: handapeun, luhureun, tukangeun, jeung kéncaeun

4. ”Ulah loba teuing dahar jéngkol, bisi jéngkoleun.”
Rarangkén –eun dina kecap jéngkoleun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’kasakit’
Conto séjéna: cacingeun, hileudeun

5. ”Ari jadi kiper téh ulah jantungeun atuh.”
Rarangkén –eun dina kecap jantungeun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’boga sipat/bakat...’
Conto séjéna: kuuleun, cacingeun, jeung peujit koréseun

6. ”Buru-buru atuh mandi téh bisi tinggaleun ku batur.”
Rarangkén –eun dina kecap tinggaleun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’dina kaayaan...’
Conto séjéna: leungiteun, barieukeun

7. ”Manéhna téh éraeun nu matak teu kadieu ogé.”
Rarangkén –eun dina kecap éraeun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’jalma katilu dina kaayaan...’
Conto séjéna: daekeun, hayangeun, embungeun, jeung ngéwaeun

8. ”Kuring enggeus, ayeuna kari manéheun kaul.”
Rarangkén –eun dina kecap manéheun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’bagian...’
Conto séjéna: kuringeun, batureun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar