Jumat, 11 Juni 2010

Pendidikan Kewarganegaraan

1. Perjanjian bilateral adalah perjanjian yang bersifat khusus karena banyak mengatur hal-hal yang menyangkut kepentingan kedua pihak.
2. - Perjanjian ekstradisi, Indonesia - Malaysia
- Perjanjian ekstradisi, Indonesia - Singapura
-Kerjasama TKI
3. Perjanjian Multilateral adalah perjanjian yang mengatur hal-hal yang menyangkut umum dan bersifat terbuka
4. 2 contoh perjanjian regional yang diikuti indonesia :
- ASEAN : merupakan kerjasama negara-negara dalam kawasan asia tenggara
- AFTA : merupakan kerjasama perdagangan bebas di kawasan Asia Tenggara
5. 3 manfaat kerjasama yang dilaksanakan negara RI:
- meningkatkan kualitas SDM untuk meningkatkan kemandirian bangsa
- meningkatkan kedisiplinan
- melakukan diplomasi
6. Tindakan retorsi : Pembalasan dendam oleh suatu negara terhadap tindakan-tindakan tidak pantas yang dilakukan oleh negara lain.
7. Embargo : Larangan barang ekspor ke negara yang di kenai embargo
8. isi deklarasi Manila 15 November 1982 :
- Prinsip negara tidak akan menggunakan kekerasan yang mengancam
- Prinip non konvensi dalam urusan dalam negeri dan luar negeri
- Prinsip persamaan hak dan menentukan nasib sendiri bagi setiap negara
- Prinsip persamaan kedaulatan negara
9. Asas-asas hukum internasional
- asas teritoral
- asas kebangsaan
- asas kepentingan umum
- asas exdeto
10. - sumber hukum materiil : hukum yang membahas berlakunya hukum suatu negara
- sumber hukum formil : sumber darimana kita mendapatkan atau menemukan ketentuan- ketentuan hukum-hukum internasional

Senin, 07 Juni 2010

rarangken

Rarangken hareup

Dina wacana di luhur aya kecap nu ditulis kandel, nyaeta:

Pada wacana di atas ada kata yang dicetak tebal, yaitu:

ngadadak asal kecap tina dadak + N- (nasal nga-)

ngayakeun asal kecap tina aya + N- (nasal nga-) + -keun

meuli asal kecapna tina beuli + N- (nasal m-)

nyampak asal kecapna tina sampak + N (nasal ny-)

Geura ilikan conto rarangken hareup N- (nasal) sejenna ieu di handap!

Coba perhatikan contoh awalan N- (nasal) lainnya di bawah ini!

n- + takol jadi nakol (memukul)

nga- + adat jadi ngadat (kumat)

nge- + cor jadi ngecor (mengecor)

ny- + cebor jadi nyebor (menyiram)

ng- + kumbah jadi ngumbah (mencuci)

n- + tulis jadi nulis (menulis)

m- + baca jadi maca (membaca)

n- + tempo jadi nempo (melihat)

m- + pulung jadi mulung (memungut)


Rarangkén Tengah –um-

Rarangkén tengah –um- mibanda alomorf –um, upama wangun dasarna dimimitian ku vokal (aksara hirup).

Contona:
amis + -um- = umamis
aing + -um- = umaing

Guna jeung hartina, di antarana:
1. ”Saméméh lumampah téh kudu dirarancang heula.”
Rarangkén –um-, dinu kecap lumampah gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’ngalakukeun...’.
Conto séjéna: lumaku, sumujud

2. ”Ayeuna kuring téh keur kumawula ka Haji Rendi.”
Rarangkén –um-, dinu kecap kumawula gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’ngalakukeun pagawéan salaku...’.

3. ”Urang téh teu hadé gumantung waé ka kolot.”
Rarangkén –um-, dinu kecap gumantung gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’dina kaayaan...’.
Conto séjéna: gumulung, tumamprak, sumerah

4. ”Manéhna datang ka dieu bari lumengis.”
Rarangkén –um-, dinu kecap lumengis gunana ngawangun kecap pagawéan (aktip) nu hartina ’ngalakukeun tuluy-tumuluy/remen...’.
Conto séjéna: rumahuh, jumerit, sumegruk

5. ”Gedang téh geuning geus gumading.”
Rarangkén –um-, dinu kecap gumading gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga sipat/saperti...’.
Conto séjéna: humaseum, lumého, kumincir, umamis

6. ”Kuring mah teu resep ka awéwé nu gumeulis téh.”
Rarangkén –um-, dinu kecap gumeulis gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga rasa/kalakuan saperti nu...’.
Conto séjéna: umaing, gumede, gumasep

7. ”Kuring mah teu rumasa salah.”
Rarangkén –um-, dinu kecap rumasa gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ’boga...’.

Rarangkén Tukang -eun

Guna jeung harti rarangkén tukang –eun di antarana:
1. ”Di imah Mang Hamid mah loba dahareun.”
Rarangkén –eun dina kecap dahareun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’anu rék/anu bisa di...’
Conto séjéna: beulieun, bawaeun, alaeun, jeung jualeun

2. ”Kuring dititah meuli sambeleun ku ema.”
Rarangkén –eun dina kecap sambeleun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’bahan/anu bisa dijieun...’
Conto séjéna: rujakeun, sayureun, jeung seupaheun

3. ”Menéna diuk gigireun kuring.”
Rarangkén –eun dina kecap gigireun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’tempat/arah di...’
Conto séjéna: handapeun, luhureun, tukangeun, jeung kéncaeun

4. ”Ulah loba teuing dahar jéngkol, bisi jéngkoleun.”
Rarangkén –eun dina kecap jéngkoleun gunana ngawangun kecap barang anu hartina ’kasakit’
Conto séjéna: cacingeun, hileudeun

5. ”Ari jadi kiper téh ulah jantungeun atuh.”
Rarangkén –eun dina kecap jantungeun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’boga sipat/bakat...’
Conto séjéna: kuuleun, cacingeun, jeung peujit koréseun

6. ”Buru-buru atuh mandi téh bisi tinggaleun ku batur.”
Rarangkén –eun dina kecap tinggaleun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’dina kaayaan...’
Conto séjéna: leungiteun, barieukeun

7. ”Manéhna téh éraeun nu matak teu kadieu ogé.”
Rarangkén –eun dina kecap éraeun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’jalma katilu dina kaayaan...’
Conto séjéna: daekeun, hayangeun, embungeun, jeung ngéwaeun

8. ”Kuring enggeus, ayeuna kari manéheun kaul.”
Rarangkén –eun dina kecap manéheun gunana ngawangun kecap sipat anu hartina ’bagian...’
Conto séjéna: kuringeun, batureun

ciung wanara

CIUNG WANARA

Kacaritakeun dua patih sakembaran, Patih Purawesi jeung Puragading, sejana ka pasamoan, bawana hayam sahiji, patepung di alun-alun jeung Ciung Wanara.

Ciung Wanara : "Dek kamana paman, bet ngaleut duaan?"
Patih : "Naha maneh wani-wani kaaing nyebutkeun paman? Kapan aing teh papatih?"
Ciung Wanara : "Disebut sia ku daek. Disebut paman ge mumul."
Patih : "Naha maneh anak saha?"
Ciung Wanara : "Anak bapa."
Patih : "Saha bapa maneh?"
Ciung Wanara : "Salaki indung."
Patih : "Indung maneh teh saha?"
Ciung Wanara : "Kapan pamajikan Bapa."

PATIH DUAAN SALEUSEURIAN, NGADENGE OMONGAN CIUNG WANARA BARI TULUY NGADEUKEUTAN NU KEUR NGELEK HAYAM.

Patih : "Ti mana maneh mawa hayam, mana alus-alus teuing?"
Ciung Wanara : "Turunan ti sayangna, asalna indung bikang bapa jago, asalna tina endog."
Patih : "Atuh puguh da geus jamak mupakatna, cik ngilikan!"
Ciung Wanara : "Tah geuning buntutna."
Patih : "Abong-abong."
Ciung Wanara : "Ih, abong-abong mah songong."

PATIH NGAJAK NGADU HAYAM BARI NGENCARKEUN HAYAMNA TINA KISA. CIUNG WANARAOGE NGALEUPASKEUN HAYAMNA. GERBAEDIADU. KACARITAKEUN HAYAM PATIH NU ELEH. ETADUAPATIHTEH NGAMBEK. CIUNG WANARA NGALEUGIT, NINGGALKEUN TEMPAT ETA.

Patih Purawesi : "Duh, Rai, tiwas, hayam urang paeh, budak leungit.
Patih Puragading: "Keun wae, taksiran anak siluman."

ETA DUA PATIH TULUY ARINDIT NINGGALKEUN TEMPAT MURU KA PASEBAN. KACARITAKEUN LENGSERJEUNG CIUNG WANARA

Ciung Wanara : "Rek ka mana uwa?"
Lengser : "Rek ka paseban, milu ka uwa?"
Ciung Wanara : "Embung teu wawuh."
Lengser : "Teu umum teu wawuh jeung kuring."
Ciung Wanara : "Enya teu wawuh, da papanggih ge kakara."

LENGSER NGALEOS INDIT KA PASEBAN, DITUTURKEUN KU CIUNG WANARA. KACARITAKEUN GEUS NEPI KA PASEBAN.

Lengser : "Aeh, Asep ti mana?"
Ciung Wanara : "kapan uing ti padusunan, Uwa nya kuring nu ngaran Ciung Wanara, putra Nini Balangantrang - Aki Balangantrang."
Lengser : "Sukur teuing juragan, ku Uwa geus kaharti."
Ciung Wanara : "leu Uwa imah saha?"
Lengser : "Ih, Asep, ieu rrtah paseban."
Ciung Wanara : "Ari nu sukuna opat matana loba naon?"
Lengser : "Korsi gading tabur inten."
Ciung Wanara : "Paranti naon?"
Lengser : "Paranti linggih raja."
Ciung Wanara : "Kumaha Lamun ku kuring didiukan?"
Lengser : "Ulah bisi doraka."

CIUNG WANARATEU NGAGUGU KANA PANYARAM LENGSER. GEK WAE CIUNG WANARA D1UK DINA KORSI. TAPI KORSI NU DIDIUKAN TEH REMUK, LANTARAN TEU KUATEUN KU AWAK CIU NG WANARA NU BEURAT. LENGSER REU WASEN.

Lengser : "Duh, Agan, tiwas, urang teh tangtu cilaka, sideuseul ku nu kagungan!"

CIUNG WANARA KALAH KASEUSEURIAN, MEUNA NGAGAKGAK.

Ciung Wanara : "Itu paranti naon?"
Lengser : "Ranjang katil, sok dipake kulem raja."

CIUNG WANARA TULUY N AEK KANA RANJANG KATIL. TAPI AYEUN A M AH KU LENGSER TEU DICAREK.
KACATURKEUN CIUNG WANARA JEUNG LENGSER GEUS AYA DI PASAMOAN PAYUNEUN RATU GALUH.

Ratu Galuh : "Maneh urang mana?"
Ciung Wanara : "Abdi urang Geger Sunten."
Ratu Galuh : "Saha nya ngaran?"
Ciung Wanara : "Abdi teh Ciung Wanara."
Ratu Galuh : "Rek naon seja ieh datang ka dieu?"
Ciung Wanara : "Sineja rek nyorog ngadu hayam, tapi ku langkung awon."
Ratu Galuh : "Mana hayamna?"

HAYAM DITINGALIKEUN KARATU GALUH. RATU GALUH MARIOS HAYAM ADUN A CIUNG WANARA.

Ratu Galuh : "leu hayam teh ti mana asalna?"
Ciung Wanara : "Sumuhun pariksa Gusti, ari hayam abditurunan tina sayangna, indung
bikang bapa jago, ngendog sataun sahiji, sayangna kudu kanangn."
Ratu Galuh : "Paingan hayam teh bet alus."
Ciung Wanara : "

SABOT KITU DEWIPANGRENYEP NGAHAREWOS KA LENGSER.

Dewi Pangrenyep: "Eh, Lengser, sok inget ka emban Naga Ningrum, basana keur waktu babar dikakaya, ari ayeuna nu dipiceun datang deui ka payuneun Ratu, aing teh kalangkung sieun."
Lengser : "Montong dianggo sieun, sabab ieu boga ibu, ayeuna mah geura aku ku gamparan."
Dewi Pangrenyep: "Mangke Lengser, ku aing dipikir heula."

RATU SASAURAN KA CIUNG WANARA

Ciung Wanara : "Abdi mah teu ngabantun tumpang, ngan sineja rek numpangkeun umur."
Ratu Galuh : "Hade ari tega mah kana umur, pilawaneunana nya eta ti aing nagara sabeulah."
Ciung Wanara : "Sumangga, ulah pon beurang, peuting ge seja ngiringan."
Ratu Galuh : "Hayu geura, pek makalangan!" bobotohna patih dua."

HAYAM DIADUKEUN. ITU TEUNEUNG IEU LUDEUNG. WANISARUADAEKNA. HAYAM TEH PRAK BAE ABAR. SILIHPACOK KU PAMATUK. SILIHGITIK KU JANGJANGNA. SILIHPEUPEUH KU SUKUNA. HAYAM SARUA BEDASNA. LILA-LILA HAYAM CIUNG WANARA KADESEH. HAYAM TEH PEK KAPAEHAN. HAYAM TEH DIBANJUR. TULUY HAYAM DIADUKEUN DEUI. KEUR KITU DATANG NAGA WIRU TI GUNUNG PADANG, NYURUP KA HAYAM CIUNG WANARA. AHIRNA HAYAM CIUNG WANARA BISA NGELEHKEUN HAYAM ARIA BANGA.

(Diropea tina Panyungsi Sastra, 71-78)


b. sunda

hawa tiris mani ngahodhod
gula amis mani kareukeut
cai laut asin mani olelel
hujan gede mani ngagebret
poe panas mani ngentrang
cai tiis mani cameleng
peuting poek mani ngipleng
cengek lada mani seuhah
langit ceudeum siga nu rek hujan
jungkrangna jero mani lungkaling

panonna cureuleuk
hasilna ngajeler paeh
taarna teja mentrangan
waosna gula gumantung
lambeyna kuwung-kuwungan
angkeutna endog sapotong
taktakna taraju emas
imbitna dempak biola
bitisna jaksi sajantung
kulitna hejo carulang
leumpangna lir macan teunangan
panangannana ngagondewa
damisna jeruk sapasi
cangkengna nyanding papanting